🏠 Beranda ⚙️ AD/ART 📋 Kegiatan 2026 👥 Struktur 📷 Galery

Sasakala Ngadegna Desa Pangkalan

Iyeu carita mangrupi salah saiji rangkaian pitutur cenah jeung baruk, anu bakal ngawangun sajarah ngadegna Desa Pangkalan, di candak tina cacarita sepuh kapungkur nu nyelap, tur kabawa ka sajaman dugi ka tahun ayeuna urang maos.
diserat sambung nyambung antar hiji carita jeung carita anu sejena,

Sasakala Ngadegna Pangkalan 
Geus ipisna rasa micinta kalemah sarakan, alatan jaman anu beuki maju kakuatan batin jiwana gampang robah ahirna budaya nu anggap ngawakilan jiwana bakal jadi panutan sagala-gala. Hal ieu geus dibuktikeun kalayan lain jadi rahasia umum lamun sabagian manusa sunda poho wiwitan, poho jati diri, poho sagala-galana, sabab budaya deungeun geus ngangsreg unggal waktu ka unggal tempat.
Kujalaran eta, buku ieu mangrupakeun sebagian tarekah anu dipalar urang salaku urang sunda, urang Pangkalan apal tur wawuh najan teu gamblang, saha sabenerna urang, timana jeung rek kamana, tur kudu kumaha.

Najan tacan karuhan benerna sasakala nu dijieun iyeu, sakali deui lembur urang butuh jati diri, butuh kacindekan sangkan urang beuki wawuh, beuki apal tur beuki micinta ka lemah sarakanana.
Sabab lantaran kurang sumber, nu nulis sadar tur yakin sarta siap lamun seug dianggeup ukur tukang ngimpi, marapah carita nu tacan karuhan benerna. Tapi keun teuing da hirupmah kudu pinuh ku impian, batan cicing teu boga paniatan pikeun ngahudangkeun kanyataan, mending ngimpi sugan pareng nele lamun dina babaledogan mah.
hayu urang guar deui, moal boa satuntasna maca sasakala iyeu aya anu hudang tina ngimpi bari mawa kanyataan hirup anu lain sugan, jeung boa-boa.
Hayu di antos.

SASAKALA NAGDEGNA PANGKALAN
Bismillahirahmannirohim
Ampun paralun anu kasuhun
Sanes seja ngaluhuran, sumawona calutak nincak taktak
Bane wae wawantun ngaguar lain hancana
Sok Inggris teu kaungkulan tur teu kaumaran
Malik jagat nu lain jamana. Nyingkal mangsa lain yuswana
Saiheung-iheung najan katalimbeng
Ngungkap riwayat tanpa kalam atawa carita

Ampun paralun anu kasuhun
Ngedal lisan sugan merenan
Etang-Etang leumpang di lemah lesang uyup-ayap
Milari tujuan nu tacan karuhan kasorang
Malah mandar janten eunteung
Tamba poekeun ngawanohan jati diri

Ampun paralun tina kasalahan

BAHAGIAN 1. 
Rek medar bingung wiwitan, tima nya ti mendi nu puguh tanah pasundan mangsa harita keur genting, pinuh pakewuh. Kota raja taluk, eleh wewesen ku wadya balad Mataram, Menak susah sumawona somah, unggal renghap jeung ketug jajantung lir ditalikung kabingung. Hasil tatanen mindeng maro reujeung cadog upeti ka tanah Jawa wetan, tempat ngancikna karajaan Mataram.
Jauh tikota Pasundan, moal boa ratusan kilo jarakna (nurutkeun itungan ayeuna), pernahna aya di suku gunung Mandahapa (taneuh gersang) anu ngarupakeun bagian suku gunung ciremai. Aya hiji lembur nu nyingkur di tengah leuweung jati. Pangeusina ngarupakeun jalma-jalma anu kantos deudeuheus nyarengan Syeh Sarif Hidayatullah (Sunan Gunung Jati) nalukeun kademangan Luragung, tur sakantenan ngislamkeun urang Luragung. Ngan dumeh tumut amanat Syeh Sarif, bsa mulih deui ka Cirebon rombongan dipecah di leuweung jati, anu maksad Syeh Sarif sabagian rombongan kedah ngabukbak leuweung jati, tur ngababakan di dinya pikeun jaga syiar agama Islam. Lian ti ngadegna padumukan, sabagian aya nu ngabukbak tanah pikeun lahan pelak tatanen, atuh dina waktos sakitu bulan lembur teh jadi ngalegaan harita keneh lembur teh di bere ngaran Babakan. Mang taun-taun pangeusina anak anak baranahan beuki ngalobaan, lahan lembur beuki ngagedean. Tengah lembur ngadeg bale paseban pikeun kumpul nagriung, nyawalakeun satiap masalah nu di sanghareupan. Kuloneun Bale pasebahan ngadeg masjid, ukutan ayeunamah tajug kasebutna pikeun ngalaksanakeun solat berjamaah. Ari nu jadi lulugu atawa kuwu kasebutna nyaeta Kiai Embah Buyut Welas. Pancen Gawe salaku jagabaya lembur nyaeta Kiai Lembu Olot reujeung Kiai Mbah Olok. Dipake jagabaya sotenan dumeh wewesen maranehna beda tinu sejen, kukuwuh ku pinuh elmu jembar pangabisa, rahayat pada ngahormat, dalah musuh teu saeutik nu eleh jajaten.Kangaranan dunya teu weleh muter, lembur anu samemehna aman tengtrem, sepi paling towong rampog. Dak dumedak lembur harengheng teu ku hanteu wadya balad Mataram anu di pingpin ku Kertapati anjog ka lembur Babakan. Maranehna kalayan samena-mena ngadon ngalindih kana kakawasaan Kiai Embah Buyut Welas. Kusabab jumlah balad mataram anu kacida rohakana, Kiai Embah Buyut Welas reujeung dua badegana beunang ditawan ku Kertapati.
Kiai Embah Buyut Welas sareng dua rencangna hemeng taya hinggana, bingung teu manggih tungtung m ikiran kmumaha carana sangkan leupas tina patalikung kakawasaan Kertapati,  manehna neang akal sangkan bisa leupas.
~Bersambung


Dudi Wahyudi
Kaliwon/ Desa Pangkalan
Home Artikel Kegiatan Tentang